Sunday 18 November 2018

TEKS PURWAKANTI TERPANJANG: SIM KURING

Wilujeng enjing!, wilujeng sumping di channel sim kuring. Ayeuna sim kuring bade cambling ka silaing. Pikeun silih geuing sareng pika eling. Awak sim kuring jangjawing, lumayan jangjing, padahal kolot mah jungkiring. Lembur sim kuring di tepis wiring, caket lamping, tatangkalan ting kuriling, sabangsaning jeungjing sareng senokeling. Sasatoan ting alabring, aya cacing, papanting, bajing, peusing, ucing, sareng munding. Dahareun sagala nyanding, daging dina piring, sangu dina ceceting, cai dina gelas beling. Lamun hajat sok nanggap tarling. Artisna buuk galing, bibir jeding, ceuli rebing make anting, calana rawing katempo pingping, padahal mah malawading.
Di kota mah rungsing, kahirupan ginding, gedong nu pinding, teu bisa lingling, loba nu curaling, mindeng murang-maring, matak babari gering. Pangling sareng lembur sim kuring. Jalan lungkawing, gawir nangtawing, kaayaan jempling, hawa wening, angin nyelesep ting puriding, kekembangan ngadalingding, pas nyaring sora manuk ngahariring. Sareng tatangga nalangkring, bari ngarujak buah gumading, sakapeung mah ngopi jarangking. Ka leuweung kencling, nini make samping, aki manggul waring, barudak nungtun anjing rek panting.
Hirup mah durang duraring, kawas muter kikiping. Selang seling, aya beurang aya peuting, aya nu wani aya nu kecing, aya nu getol aya nu melencing, aya diusap aya ditampiling, aya seuri aya ngahinghing, aya nu usik aya nu cicing, aya nu nyingsring aya nu ngising. Nu penting agama kedah dicangking, kasaean kedah diaping, kagorengan kedah pahing, sabab maot mah gilincing, ngan amal ibadah nu bakal ngiring.

No comments:

Post a Comment