Sunday 18 November 2018

CONTOH TEKS BORANGAN: BAHASA KIRATA JEUNG MEMET

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Cenah mah “Sunda” teh “Suka bercanda”, jadi loba urang Sunda nu suka bercanda. Tapi bener oge loba orang Sunda nu jadi palawak, aya Kang Ibing, Jojon, Aming, Sule, jeung sajabana.

Urang sunda pan sok kaciri tina ngaranna ge nya. Aya Asep, Aceng, Jajang, Jujun, Euis, Elis. Tapi kuring pernah manggih urang Sunda nu ngaranna James. Ceuk pikir teh meni gaya. Ari seug teh James teh “Penjaga mesjid”. Aya deui ieu mah ngaranna teh “James Bon”. Wah ieu meureun nu sok aya dina film teh. Tapi diilikan da lain kieu rupa nu sok maen film mah. Sihoreng diaranan “James Bon” teh pedah sok ngajaga masjid jeung tukang kebon. Padahal kuring meni geus sumanget rek menta tanda tangan.

Jaman kiwari mah sagala babari rek nanaon ge, da geus caranggih. Baheula mah rek ngirim artos teh kudu manggihan jelemana. Ari ayeuna mah babari da aya ATM. Ari kitu naon ATM teh? Cenah mah “Artos Tina Mesin”.

Kuring pan sok mindeng naek kareta KRD. Eta mah da sapapanjang jalan teh nangtung wae teu kabagian tempat diuk. Ari ceuk panumpang sejen teh, “Muhun A da ieu mah KRD, Kareta Ripuh Diuk”. Bener oge nya ari kadinya-dinya namah.

Kapungkur waktu kuliah, aya nu nanya ka kuring, “A kuliah di mana?” “Di UPI Pak” “Oh, Universitas Patilasan IKIP. Iraha wisudana?” “Taun payun Pak” “Muhun Wisuda mah Wilujeng susah damel” haruh meni nyingsieunan.

Ari cirina jelema dewasa teh lain ngan saukur umurna nambahan jeung awakna ngagedean, tapi pamikiran jeung paripolahna oge kudu leuwih hade. Lain ieu mah “Dewasa” teh “Gede wadah sangu”, ngan beuteungna hungkul nu ngagedean. Geus kitu unggal poe “Tumor jahe (Tuman molor jago hees)”.

Ari geus dewasa mah kudu gawe jeung aya bayangan pikeun kawin. Tapi tong asal kawin, ari isukan geus kawin kalahka parasea menta talak. Matakna ari kawin mah kudu Sakinah (Sakieu oge ngenah), Mawadah (Matak wareg dahar), jeung Warohmah (Waragad atoh di imah).

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

No comments:

Post a Comment