Monday 8 December 2014

KUMPULAN PURWAKANTI SUNDA BODOR

Kang Jaja, bakal cilaka, jadi raja, di Naraka

Ieu raga, bakal bagja, lamun asup ka Suarga

Budak gendut, goreng patut, gede hitut, sungutna samutut pinuh ku hu’ut, gawena gelut jeung ngala jukut parabeun mermut

Euleuh-euleuh, meni geuleuh, eta cileuh, teu euweuh-euweuh, padahal beungeut geus diseuseuh, ku elap anu baseuh

Wanci kamari, urang ngaji ka pa haji, anu salaki bi nyai, inditna poho teu mandi, balikna beuteung salatri

Budak bodo, kasurupan buta hejo, dahar kejo saboboko, deungeunna lauk boroco

Bapa kolot, siga si cepot, matana bolotot, beungeutna kerung jamotrot, sungutna pinuh ku bacot, awak bau mbe badot, gawena dagang parabot

Budak gondrong loba korong, beuteung kosong kawas gentong, daharna kejo jeung terong, gawena ulin sapintrong, mandina ngojay di balong

Jelema begang, awakna herang siga pakarang, otak caang hate mencrang, hudang sare tara beurang, gawena rajin sembahyang

Si Udin, gawena dahar jeung ulin, hayang kawin ka ceu mimin, kapaksa jualan bensin, lantaran teu boga mas kawin

Isuk-isuk marab manuk, beurangna dipotong bu’uk, wanci sore ngala lauk, balikna kuring tikusruk

Laleur mapay areuy, eunteup dina tangkal peuteuy, digebah kalahka caleuy, digero hanteu ngaheuy-heuy

Awewe darenok, make calana papondok-pondok, teu boga salaki baroga orok, lantaran dicolok si borokok

Awewe jaman ayeuna, make baju teu dicalana, lalaki nepi kasima, kagoda ku jurig jana 

Tai Anjing dina piring, disangka gundukan daging, dihakan ku jelema gering, bibirna nepi kajeding, geus kitu kalahka sinting, luntang-lantung teu bisa cicing