Sunday 18 November 2018

TEKS PURWAKANTI TERPANJANG: SEPUH

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh. Sanajan jalmi teu gaduh, teu tiasa wayuh, padamelan buburuh, unggal dinten ngala suluh. Bumi tina palupuh, tos kurinyuh, luduh, tereh rubuh. Lalahan riduh, parabot kawas ruruh, dahar nu cikruh tara paluruh ngan saukur kurusuh. Kabulusan teu aya kampuh, da aku mah apa atuh. Tapi teu kenging ngangluh sareng lebuh, tong seueur rahuh sareng geruh. Ikhtiar kedah tuwuh, ngadoa kedah wuwuh, sabab teu acan sepuh. 
Pami tos sepuh, sakedik pangaruh sareng pangaweruh, ameng ge kedah diasuh. Mapah jauh matak ripuh, gurunggusuh sagala diluluh, hariwang labuh. Teu daek matuh, mun sato tos dikeluh, mun tangkal tos ditutuh. Der hujan geura papiuh, gaduh popoean jadi kabancuh. Rupa tos teu pararuguh. Kuleuheu kawas manuk puyuh, hapuran kawas endog puyuh, hitut kawas angin puyuh. Barangdahar kedah nu uduh, sapertos seupan waluh, biskuit dicampur ciduh, opak ge kedah ditinyuh, matak hese lintuh atanapi bayuhyuh. Panon babari tunduh, sare sore tabuh tujuh, gugah beurang tabuh sapuluh, teu kaburu sholat shubuh. Cepil tos teu mampuh, nyarios alon ngaguruh, nyarios tarik kalah makruh, haruh meni teu ambuh-ambuh. Teu tiasa dialuh sareng kumbuh ngan saukur luuh. Ka batur gawe tutuduh, ka tatangga tos teu wawuh, cai herang katingali kiruh, pami miceun hilap wawasuh. Gaduh panyawat pinuh mindeng kambuh, sagala obat tos teu ampuh. Ti mimiti barusuh, gambuh, gering ripuh, dugi ka lumpuh.
Mangka salami paantel jasad sareng ruh, gaduh iman nu teguh, islam nu pengkuh, hayu urang tasamuh sareng tawajuh. Kedah lungguh timpuh, patuh, rengkuh, anggah-ungguh, sae pidawuh kanu janten sepuh. Sangkan medah-meduh, dipasihan pituduh, dicumponan pangabutuh, digampilkeun tina pakewuh, dijauhkeun tina musuh, disingkirkeun tina teluh, disadiakeun tempat nu iuh sareng pujuh. Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

No comments:

Post a Comment