Sunday 18 November 2018

CONTOH TEKS BORANGAN: JURIG

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Di lembur mah loba keneh nu ngaranna munjung, ngipri, atawa pasugihan ka jurig teh. Aya nu ka jurig babi, anjing, maung, monyet, tuyul, jeung sajabana. Abong budak keneh, tuyul mah maling teh ka lembur, paling meunang ge saratus rebu. Coba geura malingna ka bank, pasti meunang sakarung. Ti baheula asana teh sato nu dipake munjung teh paling babi, anjing, maung, monyet, nu eta-eta keneh. Sato kitu mah masing kaluar ti peuting ge babari katangen, da gede. Coba geura satona reungit, sireum, atawa cucunguk pasti moal katangen.

Tapi sok ilikan geura, nu ngaranna jurig pakeana saropan. Tara aya jurig nu ngan make lejing, lekbong atawa kaos sangsang hungkul. Jeung lamun dipikir-pikir mah jurig teh palalinter. Bisa bahasa naon wae. Sok geura, jurig nu aya di urang make Bahasa Sunda, nu aya di Jawa make Bahasa Jawa, nu aya di Inggris make Bahasa Inggris. Meureun di alam jurig ge aya kursus bahasa.

Kuring mah saumur-umur can pernah manggih budak orok kasurupan. Boh langsung atawa dina tv ge tara aya. Da meureun asup kanu awak budak orok mah sereg, kalahka rikes meureun jurigna ge. Jeung tara aya oge jurig nu asup kanu awak sato. Sugan aya tulungan hayam kuring gagarapakan wae kasurupan, tuh domba kuring kasurupan jurig buta da madangna rampus. Tara aya nu kitu.

Baheula di kuring aya ma kolot kasurupan, dibabacaan nanaon ge teu panaseun. Si horeng nu asupna jurig conge. Aya deui eta mah tim pemburu hantu. Pak pik pek meunang jurig, diasupkeun kanu botol, teu lila jurigna ngajerit panas-panasan, padahal mah can dibabacaan nanaon. Ngahuleng tah kiaina. Ari seug teh pas diilikan, si horeng botolna urut saos.

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

No comments:

Post a Comment