Assalamu’alaikum
Wr. Wb.
Boga budak sakumaha ayana,
kolot mah kudu narimakeun. Hayang budak kawas “Megan Fox” ari borojol kawas “Megantropus”. Hayang
kawas “Brithnispear” ari breh kawas “Beurit Nispir”. Hayang kawas “Justin
Biber” ari torojol jadi “Justin Bebel”, tarimakeun ulah kalah diwiwirang. Keur
mah kitu, ari ku batur disebut ABG (Asa Beuki Goreng patut). Tetep kudu
sabar.
Salain ti kolot, nu kudu
sabar teh nyaeta guru. Manggih murid rupa-rupa, nu kulimis jeung nu koromod
geus biasa. Aya nu matana cileuhan, irungna lehoan, ceulina congean, kulitna
hapuran, sirahna kutuan, nepi ka organ tunggalna tongoan. Tapi ari nu ngaranna
guru mah minangka kolot di sakola, kudu narimakeun.
Sakabeh guru kahayang mah
murid teh cageur, bageur, jalingeur, bener, pinter, singer, tata-titi, nastiti,
sareng surti. Ulah sologoto, balata-boloto, bodo katotoloyo, kodomoyo, adigung,
culangung, harung-gampung, nurustunjung, sareng linglung. Tapi ari di
imahna unggal poe dahar jeung nu 4 sehat 5 seubeuh wae, mangrupa sambel, kurupuk,
tarasi, jeung lauk asin. Pagawean ngan saukur ngome HP. Tungtungna mah di
sakola teh boga panyakit B8 (Bodo, Belet, Butek, Biko, Boloho, Boloto, Boloon,
jeung Belegug). Nepi ka guruna ge ngan gawe istighfar wae, teu kuat hayang
ngahuapkeun.
Tapi sakumaha gorengna ge
murid, guru mah tong gaduh sifat sirik, pidik, jail, kaniaya, iren, panastren,
dudupak, rurumpak, ngumpat, simuat, teu kaopan, teu payaan, ujub, takabur,
nyaci, maki, pedit, linyok, dengdek, jeung bohongna. Salilana kudu sabar
jeung nyaah ka murid.
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
No comments:
Post a Comment