Saturday 14 February 2015

KUMPULAN TATARUCINGAN BODOR BARUDAK

Berhubung saya orang sunda, banyak sekali tebak-tebakan/tatarucingan yang suka saya gunakan pas waktu saya kecil. Di antaranya sbb:

1.      Aki-aki rag-rag surak? Baralak
2.      Budak leutik ngambai peujit? Jarum aya bolaan
3.      Hayam curintik nonggeng ka langit? Danas/ganas
4.      Diasupkeun tanda seru dikaluarkeun tanda tanya? Nu keur ngorong
5.      Naon bedana HP jeung monyet? Ari HP mah Nokia, lamun monyet mah nukieu
6.      Budak leutik make baju beusi? Tutut
7.      Budak leutik make jubah? Siraru
8.      Kunaon tukang baso sok nakolan mangkok? Ku sendok
9.      Lamun maneh dek turun tina tangkal naonna heula? Naekna heula
10.  Boga duit dalapan ratus dibeulikeun ka peremen lima ratuseun sabaraha pulangna? Teu dipulangan
11.  Batu sakilo jeung kapuk sakilo lamun ninggang suku nyeuri naon? Nyeuri suku
12.  Naon bedana onta jeung daun sampeu? Onta mah di Arab, daun sampeu mah diurab
13.  Naon bedana sapatu jeung jengkol? Sapatu mah disemir, jengkol mah disemur
14.  Budak leutik bandanna beureum? Tongo
15.  Naon bedana VOC jeung WC? VOC mah dibom heula terus didiukan, WC mah didiukan heula terus dibom
16.  Diasupkeun kaluar, dikaluarkeun anggeur kaluar? Kancing
17.  Bandanna hejo huluna beureum? Obat nyamuk
18.  Naon bahasa Arabna ombeh? Alaan taina
19.  Naon bahasa Arabna haus? Mang tarok kalapa alaan caina ana halabhab
20.  Naon bahasa Cinana domba leupas? Cing cuang cangcang
21.  Naon bahasa Cinana memperkosa? Cing cuang cingcatkeun cangcutna
22.  Nyanaha lamun aya tangkal kalapa nu geus gede di hareupeun imah kudu dituar? Lamun dirabut mah teuas
23.  Lep buleneng lep buleneng? Jelema botak ti teuleum
24.  Jelema ngojai ka tengah laut hayang naon? Hayang paeh
25.  Dirampa pulen, dibabuk teuas? Tai hayam dina batu

No comments:

Post a Comment