Sunday 8 February 2015

KAKAWIHAN BODOR JAMAN BAHEULA

Waktu saya kecil dulu, seringkali saya bermain bersama teman-teman sambil menyanyikan syair-syair zaman dulu. Saya baru sadar sekarang ternyata saya pun tidak begitu mengerti makna syair-syair tersebut. Yang namanya anak-anak, meskipun syairnya tidak dimengerti tidak menjadi masalah, yang penting saya asyik bermain. Coba teman-teman perhatikan syairnya seperti di bawah ini:

Tat tit tut buah kateja
Nu hitut tara bebeja
Ditembak ku raja hitut
Balik-balik pak burusut

Cing ciripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare mengmerangan

Ucang-ucang angge
Mulung muncang ka parangge
Digogog ku anjing gede
Ari gog gog cungungung

Hom pim pah walaihom gambreng
Ma ipah make baju rombeng

Salam sabrang
Pepetek uyah tarasi
Si anjeun nganjang
Rametek ku tai babi

Ma tarasi tutung
Keun balikeun wae
Ma si eta pundung
Keun kawinkeun wae

Tong tolang nangka
Kawinan bapa
Poe salasa
Teu beja-beja

Bang kalima lima gobang bang
Bangkong ka tengah sawah wah
Wahai tukang bajigur gur
Guru sakola desa sa
Saban poe ngajar jar
Jarum paranti ngaput put
Putri nu gareulis lis
Lisung katindih halu lu
Luhur kapal udara ra
Rag-rag di Jakarta ta
Taun dua rebu bu
Buah meunang ngala la
Lauk meunang nyobek bek
Beker meunang muter ter
Terus ka cianjur jur
Jurig tumpak kuda da
Dahar sangu koneng neng
Neang aki-aki
Kingkiringiiiiiiiiiiiiiiiiiiik

Gatot gaca
Ari ca cau ambon
Ari bon bonteng asak
Ari sak sakit perut
Ari rut rujak asem
Ari sem sempal sempil
Ari pil pilm rame
Ari me meja makan
Ari kan kantong kosong
Ari song song-song hideung
Ari deung deungeun sangu
Ari ngu ngurus ucing
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Los ka kolong bapa satar buleneng

Tang tang kolentang
Si Tatang diuk nundutan
Listrik poek keur aliran
Ngalindur kakarayapan
Ruwal-rawel nyaliaran
Ari gep teh pamajikan

No comments:

Post a Comment